Sunday, December 25, 2016

Contoh Kumpulan Surat Pribadi dalam Bahasa Sunda

Kasokandel, 02 Desember 2011
Kahatur
Nu dipikasono, Lia
di Subang
Salam
deudeuh,
Kumaha damang? Sabada lima sasih urang tos pisah sakola, mugia
salira kasih kulawarga aya dina ginanjar kawilujengan. Atuh kuring di
kasokandel aya dina kaayaan sehat.
Sonona mah kuring didieu biasana ngajaran lia nanaon hanteu elmu nu
kuring dipikaboga. Urang ngerjakeun PR babarengan, lieur babarengan.
Ayeuna mah urang tos pisah sakola, pisah lembur. Mugi - mugi urang
sadaya sareng rerencangan nu lian tiasa patepang ririungan deui. Amin
ya robal alamin.
Sakieu heula serat ti kuring, sanes kuring teu sono mung panangan
kuring tos pegel nulis hahha :D . Diantos surat waleranna.


Kuring nu sono,



Khanty Intan Lestari 





Cianjur, 11 Mei 2013
Kahatur
Bi Nina
Di Bandung

Assalamualaikum Wr.Wb.

Bi Nina kumaha damang ? Alhamdulilah atuh upami damang mah. Abdi oge dina danget ieu mah teu kirang sawios-wios.

Peryogina abdi ngadamel ieu serat . rehna minggu payun abdi bade ka Bandung, abdi bade ka bumi ka bumi Bi Nina, Abdi teh hoyong dijajapkeun ameng keliling kota Bandung.

Sakieu hela seratti abdi, mugi-mugi tiasa tepang , minggu payun. Hatur nuhun.

Wassalamualaikum Wr.Wb

Hormat abdi   




Aksan Pangestu




Banjaran, 04 Oktober 20125

Haturan  Gempi
di Garut

          Assalamu’alaikum Wr. Wb.
          Kumaha, ka ayaan Gempi sareng kulawargi di Garut ? mudah mudahan wae aya dina kaayaan sehat raga sareng eusina, Amiiin. Kumaha Gem Sakola di Garut ayeuna pikabetaheun  sareng seueur rerencangan nu anyar nya !. Tapi tong hilap ka abi mah nya Gem.
          Alhamdulillah Abdi Sakola di Banjaran anu caket we, da bade ka kota teh teu acan aya kaludeung. Ah tapi sawios we Gem, anu penting mah najan sakola di daerah oge urang teh kudu soson-soson diajar mah, ulah tinggaleun ku urang kota.
          Abdi jadi ka emut waktos urang sasarengan sakola di SMP, Urang diajar sareng ocon bareng. Emh... meni sono pisan hoyong pependak deui sareng Gempi teh, rupina iraha Gempi bade ameng ka Banjaran deui ? Supados urang tiasa ngeutkeun bareng pangalaman urang baheula nuju sakola di SMP.
          Rupina cekap sakitu surat ti Abdi, diantos waleranna. Mudah-mudahan urang tiasa papendak paamprok jonghok deui sanes waktos.
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Salam Sono,


Dadan





Bekasi, 14 Nopember

Hatura katon 
di bandung

Assalamualaikum Wr.Wb.
Hai,apa béja,baik alus waé ton? Kuring sarta kulawarga kuring dina kaayaan cageur walafiat. 
Gampang mudahan béja anjeun ogé kawas éta.Naon di Bandung hujan terus sapanjang poé? Dibekasi ampir saban poé hujan 
lokadieunakeun.
ton, bulan hareup pan udah mimitian libur sakola, naon manéh boga rencana liburan ka luar dayeuh?  
Lamun henteu kuring hayangnganjang ka imah anjeun.Kuring hayang nempo éndahna keindahan 
dayeuh Bandung sarta berlibur babarengan anjeun
Sakitu tiheula surat ti kuring engké jaga urang sambung deui.kuring tunggu balesan suratanjeun.

Wassalamualaikum Wr.Wb.








No comments:

Post a Comment

Official Virgozta