Friday, February 9, 2018

Contoh Surat Untuk Orang Tua Menggunakan Bahasa Sunda




Yogyakarta, 31 Januari 2018

Kahatur
Ema
di Bandung 


Assalamu'alaikum Wr. Wb.

Ema kumaha damang? Alhamdulillah atuh upami damang mah. Neng oge dina danget ieu mah teu kirang sawios-wios.

Ema, peryogina Neng ngadamel serat ieu, rehna lebaran taun ieu Neng teu tiasa mulang ka Bandung. Hapunten saageung-ageungnam, Neng teu tiasa mulang ka Bandung kusabab padamelan kantor teu acan rengse sadaya, janten Neng teu acan di pasihan libur kanggo mulang ka lembur. Neng lebaranna di bumi Bi Nina, Ma. Kaleresan bumina caket sareng tempat padamelan Neng di Jogja.

Sakieu heula serat ti Neng. Neda dihapunten upami Neng loba kalepatan ka Ema, Minal aidin wal faidin kanggo Ema sareng kulawargi di lembur sadayana. InshaAllah Neng tiasa mulang dua minggu sa ntos lebaran, Ma. Hatur nuhun.



Wassalam,

Ranum.


No comments:

Post a Comment

Official Virgozta